Selamat Datang Di Blognya Kang Sumardi>>Salam Silaturahmi untuk Kalian Semua....Mau Teks Berjalan seperti ini ? Klik

NGUDAG ELMU KAWEDUKAN




Kacaritakeun aya hiji pamuda nu kasengrem kana hiji elmu nu disebut elmu kawedukan. Eta paamuda teh ngemut-ngemut kumaha carana sangkan bisa mibanda eta elmu. Nepika sakur-sakur jawara jeung kasatria ti tiap-tiap padepokan didatangan, kabeh tarekat di lakonan. Lilana lima tahun eta pamuda abur-aburan neangan elmu kawedukan. Tapi kulitna tetep can keneh weduk (kebal), nepika ieu si pamuda ngarasa putus asa sabab perjuangan nu sakitu pohara lilana can katempo hasilna.

Kacirataken dina hiji poe ieu si pamuda keur ngahuleng miraga meneng bari reureuh diluhur pasiran handapeun tangkal kayu candana. Didinya si pamuda mikir bari jeung bingung kudu kamana deui nuluykeun lalampahan neangan elmu weduk nu dipika hayang tea.

Barang keur jongjon we ieu si pamuda teh bari nangkep tuur bari semu peupeureuman bari katingali halisna kerung tanda keur aya nu dipikaran, torojol aya aki-aki diiteuk nganggo anggoan basajan dijubbah sing sarua bodas di solenang ku karembong hejo, ari mastakana di udeng ku sorban hideung, sorot socana seket pika serabeun, ari pangawakana sedeng katingalina seger, jagjag tur tanginas bari ka angse meleber seungit minyak kasturi.

‘’Satuluyna eta si Aki uluk salam “Assalamualakum’’ dijawab ku eta pamuda “Waalaikumsalam’’

‘’Bari tuluy eta pamuda nyium kana panangana si aki. Satuluyna si aki nanya ka eta pamuda’’…“ Ari anjeun teh saha jang ? katingalina bangun nu cape kawas nu geus lalampahan jauh …”aeh-aeh eta gening katingalina jiga nu bingung deuih kawas jalma nyaba jauh kasasar jalan” .

‘’Si pamuda ngajawab bari rada arap ap-eureup eup jiga nu latah “ emm... ehhh... emmm... ehhh henteu ki abdi teh nuju ni’is we didieu, dupi aki saha ?

Ngadangu jawaban si pamuda nu katingalina jiga aya nu disumputkeun, si aki pok nanya deui ka eta pamuda ...”ulah maka nanya sabab patarosan aki ge can di jawab ku hidep sok jawab sing jujur sugan-sugan mun bingung tea mah aki bisa mere jalan kaluar”

Tuluy si pamuda tungkul jiga nu isin ku eta si aki bari tuluy nyarita “ ari wasta abdi teh Sugriwa ki, ari abdi didieu teh nuju reureuh sareng ngaraos bingung kupilampaheun’’ abdi teh nuju malarian elmu nu namina elmu weduk teu terak di kadek, tos kaditu-kadieu, malah mah tos seueur padepokan nu ku abdi di tepungan tapi teu aya hasilna ki, lalakon abdi teh tos lima tahun aprak-aprakan kieu teh.....atuh sugan aki boga elmu Kawedukan ?

Si aki gumujeung ngadangu caritaan ieu sipamuda bari tuluy nyarita eh..eh..he sihoreng hidep teh keur neangan elmu kawedukan, ....alus...alus...alus, heeh kudu kitu ari pamuda mah kudu daek diajar..ieuh lamun hidep daek narima kana wejangan aki regepkeun ku hidep ‘ !! ‘’weduk lain hartina teu terak di kadek lain hartina teu benang di keret atawa di gesel, weduk teh hartina kebal ari kebal teh kuat ari kuat teh daya jeung upaya ari daya jeung upaya teh eta teu aya dina diri manusia anging ku pitulung Allah “ Lahaula Wala Quwwata Illa Billah” hidep nyahoo ? lamun lain kersaning Allah hidep moal papanggih jeung aki, lamun lain kersaning Allah hidep moal aya didieu ayeuna, tah eta kabeh teh kersanig Allah. lamun hayang weduk amalkeun ku hidep “Lahaula Wala Quwwata Illa Billah’’ serahkeun jeung pasrahkeun diri hidep ka Allah tah eta Tawakal ngarana..sabab Allah nu ngusikeun nu malikeun hidep. Lamun hidep geus bisa Tawakal Ka Allah, maka hidep bakal jadi jalma anu kuat, kuat dina nalika menang cocoba jeung gogoda, tahan banting dina nalika kamusibahan jeung tunggara kadituna moal boga sifat putus asa salilana boga tanggehan nyaeta Allah nu Maha Kawasa, teu mibanda sifat tetegenan ka mahluk estuning tetegenan ukur ka Allah nu Maha Agung. sok ayena mah gera hudang, gera benta, bral gera miang mulang ka tempat maneh panyicingan. lamun hayang nayaho ngaran aki, hampura aki moal mere nyaho ka hidep..... jung nangtung jang.

Ieu si pamuda ngadangu piwejang ti si aki teh kalah cilohok mata simeuteun, kaget nu luar biasa, karasa na ratug jajantung ngadenge naon nu wejangkeun ku si aki teh sihoreng eta elmu kawedukan nu sabenerna mah. dirasa-rasa beki karasa pangaruh wejangan ti si aki teh make rey..... sing sariak kana awak, leungeun jeung suku karasana leles yakin ieu si aki teh lain jalma samanea’’ kitu gerentesning hate eta si pamuda anu boga ngaran sugriwa....tuluy ieu sipemuda nyarita deui ka si aki “ Katampi pisan ki, nuhun kana wejanganana ayeuna mah kuring sadar yen kuring teh sasar poho kanu ngusikeun jeung malikeun, nuhun pisan ki...”

bral gera miang ayeuna mah didoakeun ku aki anjeun sing istiqomah’’’ Tembal si aki bari ngusap mastaka eta si pemuda, satuluyna eta pamuda nyium kana panangana si aki bari marahbay ngaluarkeun ci soca... ayena abdi bade mulang ki, nyuhunkeun restu sareung doa ti aki mugi-mugi abdi tiasa ngamalkeun elmu ti aki’ kitu cek eta pamuda bari terus uluk salam, satuluyna mah eta pamuda teh nginggalkeun eta tempat bari di teuteup ku si Aki ku teuteupan doa jeung kadeudeuh.



Sukabumi, 23 Agustus 2019
Juru Karang Carita : Muhamad Sumardi Al Alif | Facebook : Muhamad Sumardi Al Alif, Asal Curat Coret,WhastApp : 085219768252

Post a Comment

0 Comments